inggis peuting ieu
hujan turun dumareda
mepende hate nu raheut
raheut nanahan rasa sono nu ngadoja...
.
mega hideung ngahahalang bentang
lalangsena ti ci hujan nu mingkin jadi jauh
jauh raga jauh rasa, ngahiji kana kamelang
melang ka asih na nu asa susah karengkuh...
.
itu, najan bulan moncorong di ieu peuting
tapi lalangit kawas keur ceurik ngaragapkeun ati
ati nu ngarumasakeun kana diri
diri sajati na diri nu keur diuji...
.
asa ku codeka diri nu wawanianan
lamun seug enya aya kana kawani
mihapekeun hate nu pinuh ku rasa kaheman
ka diri anjeun nu di pikasini...
.
tapi patakonan tetep ngarohala kana batin
naha pantes ieu kuring miboga rasa?
.
celoteh lelaki bersepatu lusuh
Senin, 09 Oktober 2017
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar